Maca Carita
Lalamunan
Buuk nu acak-acakan téh disisiran dirapih-rapih. Ceg kana tiung leutik paragi jeroan, warna bodas, tuluy ditalikeun kana tukangeun buuk, sabisa-bisa diutak-atik ngarah siga suster di rumah sakit. Baju sakola ka luhurna dipaké, calana panjang bodas, teu poho sapatu jangkung nu mamah paragi ka Bandung ari aya ondangan. Gulak-gilek hareupeun kaca bari leuleumpangan, sapatu disada, tok.. tok.. tok, cenah. Tuh, pan siga suster.
Enya inget kénéh, harita mun teu salah mah umur 7 taun. Jadi meureun kelas hiji, da sakola ogé sapatu téh diganti, da hayang nu maké hak rada jangkung. Matak jadi resep leuleumpangan mapay-mapay kelas, ngarah disadana rada lila, rarasaan mah asa jadi suster. Hanjakal erokna warna beureum ati, lamun bodas mah siga pisan. Atuh ngambeu bau obat téh, kuring mah resep, sakalieun di ruang UKS ogé betah. Teu siga batur, barau obat, pajarkeun teh.
Mimitina mah keur di rumah sakit keur nungguan aki nu teu damang wales. Kuring ngajentul ningalian taman tina jandéla. Ti kajauhan aya suster, kaciri siga nu rusuh. Gancang mapahna, tapi ari sora sapatuna mah geus kadéngé, waas pisan. Ngan sakitu nu jadi sabab kuring sok niru-niru suster téh. Ke lanan, asa teu pira, nya? Ah keun baé, da kuring ieuh nu ngarandapanana ogé.
Nepi ka ayeuna umur 17 taun, jadi dokter téh mangrupa cita-cita kuring. Matak waktu liburan pasantrén ogé, mugen embung balik deui ka pasantrén. Hayang asup ka sakola keséhatan. Rék daptar da geus tutup tuda. Lah ayeuna mah ngantosan pitunjuk ti Gusti bari ngarep ngarep intormasi ti Mamah! Sakola mana nu buka kénéh. Euleuh, kawas ka warteg waé. Tapi muga-muga wé aya kénéh. Ambéh lamunan bisa tinekanan.
Karangan Léla Nurlaéla
Dicutat tina Manglé Alit No. 71
Dicutat tina Manglé Alit No. 71
Tugas
Baca carita di luhur, videokeun terus kirim ka nomor tugas guru!
Baca carita di luhur, videokeun terus kirim ka nomor tugas guru!
Jawab pananya di handap!
1. Ku naon "kuring" gulak-gilek hareupeun eunteung?
2. Naon cita-cita "kuring" dina éta bacaan?
3. Ti iraha "kuring" boga cita-cita kawas kitu?
4. Naha "kuring" sok embung deui balik ka pasantrén?
5. Ka mana "kuring" hayang neruskeun sakola?


No comments:
Post a Comment